SELAMAT DATANG di portal pendidikan GURUMUDA Subang. Stay disini, semoga kunjungan sahabat berkesan. @ Salam persahabatan !!!

Selasa, 26 Februari 2013

KURIKULUM ANYAR 2013 ULAH UKUR PROYEK

          Sababaraha waktu katukang, rame dicaritakeun yen dina taun 2013 ayeuna, Dinas Pendidikan dan Kebudayaan rek ngaluncurkeun kurikulum anyar pikeun jadi rujukan pelaksanaan pendidikan. kurikulum eta sempet di uji publik salila tilu bulan. Ngarasa eta kurikulum geus dianggap sampurna kusabab geus ngarupakeun revisi jeung hasil evalusai tina kurikulum 2006 KTSP dina waktu deukeut ayeuna, kementerian pendidikan dan Kebudayaan geus buleud rek nerapkeun ieu kurikulum.

           Tapi, Kang Kabayan sabenerna mah yakin teu yakin, naha tepat atawa henteuna eta keputusan ngaluncurkeun ayeuna-ayeuna kurikulum teh. Sabab salila ieu, salila Kang Kabayan jadi guru SD, rarasaan penerapan kurikulum KTSP 2006 oge can bisa disebut sampurna. Sainget Akang, ti mimiti sosialisasi nepi ka penerapan KTSP can aya nu karasa pas, samalah dina tahap sosialisasi keneh oge ukur digarap sakadaekna. Para guru ngarasa naon nu dijelaskeun ku para narasumber teh teu jelas poin pentingna. Atuh dina penerapanana komo deui, da loba guru nu can ngarti kana kurikulum KTSP, ahirna Kurikulum nya tinggal kurikulum, eh...ngajar mah, nya kitu weh, kumaha dewek. Matak Kang Kabayan mah asa hayang seuri. Jadi rarasaan teh, kurikulum  2006 (KTSP) can kungsi cacap diparake ku para guru, nya komo deui mahir ngagunakenana mah. Sakuduna ceuk Akang mah eta teh jadi bahan catetan penting, yen KTSP can kungsi cacap dievaluasi hasilna, naha berhasil jeung henteuna.


Narima berita yen KTSP rek diganti ku Kurikulum anyar, kang Kabayan ngan ukur bisa nyerengeh...naha bener eta kurikulum teh bakal dipake ku para guru, tuluy bakal ningkatkeun proses jeung hasil pendidikan? Ceuk pangrasa Akang (tapi punten lain pesimis) hasilna bakal angger kitu-kitu keneh, lamun para stake holder pendidikan ukur pinter najong BOLA (Kurikulum anyar) tapi teu pernah digocek, diaping nepi ka gawang keberhasilan. Maksud Akang, eta kurikulum teh kudu ngaliwatan tahapan nu sampurna,
  1. Kudu dikaji tuluy Uji Publik, naha layak jeung henteuna diluncurkeun ayeuna-ayeuna (ulah ukur target keur nyieun proyek wae);
  2. Kudu disosialisasikeun ku metode-metode publikasi nu sampurna, naha diklat-diklat atawa seminar anu berkualitas. Hartina ulah tepika aya distorsi, miskomunikasi, pastikeun para guru ngarti kana pesan penting muatan-muatan kurikulum nu rek dipake ku aranjeuna;
  3. Salila Kurikulum dilaksanakeun ku para guru di sakola, eta pisan anu kudu jadi perhatian kuat para pengawas jeung kepala sekolah, guru kudu di observasi naha langsung atawa teu langsung dina ngajarna. Terus saenggeus eta, pengawas, kepala sakola jeung guru bersangkutan kudu ngarefleksi hasilna, oge ngaevaluasi naon kaleuwihanana, naon kurangna, kumaha ngomeanana supaya jadi sampurna;
  4. Tah, dina poin katilu diluhur, kudu dilaksanakeun ku sarerea ku para stake holder pendidikan jeung para guru sebagai ujung tombak di lapangan. Kudu dilaksanakeun dina waktu nu pas, tong rurusuhan nganilai nyebut ieu kurikulum sampurna atawa henteu, samemeh di pake dilaksanakeun bener-bener nepi ka kaciri kumaha hasil belajar anak didik dina 3 siklus (mun SD 3 x 6 taun, mun SMP/SMA 3 x 3 taun);
          Sakitu curhat jeung harepan Kang Kabayan, mudah-mudahan aya benerna, kajeun saeutik, tapi ieu teh kaluar tina sanubari Kang Kabayan nu miharep pendidikan di Indonesia teh bener-bener maju, bisa dirasakeun ku sararea, boh nu beunghar boh nu sangsara kawas Kang Kabayan. Hatur nuhun ka sadayana, tina sagala perhatosanana!


                                                                    Diserat ku redaksi : Gurumuda Subang ( Kang Kabayan)